Gurat seuneu paburisat di langit jomantara poe ieu Katutup katumbiri nu ngalanglayung sore tadi Hawar-hawar kadenge papaes mapag na peuting Geuning wanci geus katilep ku wayah
Archive for the ‘Sunda’ Category
Kameulang
Hate hariwang Melang nyawang mangsa nu bakal kasorang Hate honceang Ringrang neang wanca nu di teang
Asih Ieu
Asih ieu nu mawa ngapung ieu hate ngawangwang endahna nu hoyong kasorang deudeuh ieu nu kahibaran linduh peuting nu mihareup bengras ku cahaya na bulan
Taun Anyar
Milang waktu lir milang kalangkang Ngonci wanci ku ingetan nu limpeuran Gurudug di udag guludug umur Sakapeung sasar ku hawar, Gusti…. Nyangsaya kasilih hirup sakapeung geumpeur ku pati
Tali Kaasih
Ulah rèk pègat tali ka asih Tètèp Meungkeut Pageuh Ulah rèk pegat rasa kaheman nyancang katresna urang dua’an
Ka Meumét Nu Di Pusti-Pusti
Panon poé geus ngalilih mangsa Katembong bias cahaya bulan Mépéndé haté nu pinuh kabungah
Panggeuing Pikeun Rasa Urang Duaan
Jungjunan ka cinta ngulampreng maturan rasa Jangjang ngeleper mairan hate nu ngageter Hiber mawa lamunan ka jungjunan Euntreup na hate nu pinuh lambaran kacinta Lamunan kalimpud ombak harepan Naratas bagja iwal jeung jungjunan Bungah anjeun oge geuning sapamadeugan
Kasono Kanggo Salira
Jungjunan Wengi ieu karaos pisan sonona Beuki lami Beuki dieu Unggal usik Unggal malik
Jungjunan Kaasih
Jungjunan gera itu layung… aya harepan nu ngagupay… aya koneng sariak cahyana… aya endah nu ngagupayan…
Hareupan
Panurub hate nu geus muka duriat nu tos nyipat nyaranggeum runtuyan kaasih dina carita alam marcapada

Posted in
Tags:



